Diserat ku Nandang Sofyan Priatna

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Nu jadi Salaki #

Keueung puguh ari ditinggalkeun nyaba ku salaki téh, di Imah mung saukur sorangan.
“Kang kumaha atuh urang téh?” na hiji peuting kuring nanya kanu jadi salaki nu karék datang nyaba. Nu ditanya mung saukur mesem. Kitu pangadatannana, tara loba cumarita.
“Keueung Kang !” pok deui. Manéhna mung saukur unggeuk bari mencrong kana tivi. Kuring cengkat, gék diuk gigireunana. Séak angin neumrak kana punduk, réy…karasa nyéak.
“Duh Kang keueung!” bari ngisedkeun bujur, diuk ngarapetkeun awak kanu jadi salaki. Jepluk! tivi ngadak-ngadak pareum sorangan.
“Tuh pan Kang!” kuring ngarangkul. Awak asa ngalayang waktu manéhna malik ngarangkul,laju ngagaléntoran. “Ach…Kang pan entos tadi!” teukadéngé jawaban, kalah ngarosaan. Raksukan lalocotan, léng…teu inget.
Kuring ngoréjat waktu aya nungekeketrok kana panto. Gura-giru memenah raksukan. Leumpang ka tepas. mukakeun panto. Gebeg! Katempo salaki ngajanteng nyolvndang tas leungeuna riba ku babawaan.
Leng….les kuring kapiuhan.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s