Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # HORÉNG #

Peuting jempling, kagareuwahkeun ku sora panto mu ngarekét, reuwas. Cengkat, silih rérét jeung Eulis nu keur nangkod. Panasaran, rék nyampeurkeun, lengkah asa beurat. Geblig-geblig, aya léngkah semu beurat kadengé ti dapur ka tengah imah. Jep. Teu kadéngé deui.
Gep kana lampu sénter, Eulis beuki pageuh nangkod, “ulah Kang…, ulah disampeurkeun, wios antepkeun wé.” Sorana haroshos. “Lis, antosan, bilih aya nanaon, énggal konci deui panto kamar,” cekéng neger-neger manéh. “ulah Kang… ulah,” Eulis nyarék bari lewa-lewé.
Babacaan sabisa-bisa, bari haté mah beuki ratug, kahariwang jeung kasieun pagalo jero dada, teu puguh. Suku ngaléngkah dipaksakeun. Bray panto dibuka lalaunan, katingali aya nudodongkoan hareupeun tipi, teu antaparah, jekuk-jekuk diteungeul bari ditajong sataker kebek, “aduuuh…” manéhna ngagerung. Ngudupung, rikat diboro, dibalikkeun bari rék dihancas deui beungeutna. “Ujang…, ieu mah apa,” sorana ngalengis bari ranggah. “Apa…!” reuwas. Horéng geuning mitoha, balik ninyuh kopi ti dapur, rék lalajo mengbal kameueutna dina tipi.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s