Diserat ku Neneng Yatikurniati

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Girl, Be Confident #

“Masalah écék-écék,” ceuk Mami. Peutingna dikenalkeun jeung Jaka, anak buah Papi. Élégan. Berséka. Katingali calakan. Papi ngolo tur ngabibita manéhna, rék ngabiayaan kuliah di Bélgia, asal Bulan Oktober, nyelang balik heula, saacan beuteung kuring katingali bureuteu. Aya sorot kapaksa ‘na panonna.

Salila pajauh, ngawaskeun manéhna tina sagala rupa, kaasup status-status ‘na fésbuk. Sababaraha kali maca pairan Néni. Pairanna mah biasa, ngan pédah, basa naon waé nu dipaké ku Jaka, Néni ngartieun. Panasaran, ningali wall-na. Pengacara. Menikah. Loba potona nu jeung kulawarga.
Klik, added. Berteman. Status-statusna lolobana masalah pulitik. Euweuh status liwung gandrung. Tapi, bet sieun manéhna ngarebut Jaka.

Bieu, Jaka ngapungkeun carita di hiji grup. Carita bangbaluh haténa, disimbutan ku saulas fiksi. Néni mairan ku rumpaka laguna Nat King Cole. Sanajan pairanana aya hubunganana jeung carita, haté panas. Ngirim pesan, ngabéjaan dikelemengkeun, yén Jaka téh pisalakieun. Jol jawaban,
“Hi, beautiful girl, be confident! I’m more than forty”

tulis