Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Once Upon A Time in Parahiyangan #

Ibun ngagaréndang na tungtung daun. Ngaborélak katojo srangéngé nu kakara medal. Manuk récét. Ucla-aclé na dahan. Ngendagkeun daun. Ibun murubut. Blég inten berlian mawur.

Pilemburan tingjarumpluk. Suhunan rentul. Haseup ipis ti unggal pawon témbong. Ngalayang. Ngahiji jeung halimun sésa.

Ambu Ucih saged. Ngélék timbel na boboko. Leungeun katuhu ngajingjing céré. Ngagedig na galengan. Seja nganteuran.

Anjog ka saung. Kasampak Bah Sudinta keur siduru. Ngadéangkeun dampal.
“Bah, geus daratang can nu ngarambét téh?”
“Enggeus, Mbu. Ngan opatan.”
“Geuning saeutik, Bah?”
“Nu sawaréhna dihiras ngoyos suuk ku Ki Suadma.”
“Saha nu ngarambét di urang?” Ambu Ucih ngécagkeun babawaanna.
“Di urang mah Si Agnéz, Si Rahél, Tabitha jeung Princéss. Si Jéssica jeung Masha mah ngoyos téa.”
“Ari itu saha, Bah?” Ambu Ucih nunjuk nu keur macul di sawah Gan Omon.
“Euh, éta mah Si Aliando jeung Ariel.” Bah Sudinta némbal. Lengeuna ngarawél céré. Nyicikeun cai kana bekong.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s