Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # MUNGKAS #

Rekééét, panto nu tadi muka, lalaunan ditutup. Seunggah. Saenggeus ngagemblang salila-lila. Aya kahanjelu nu ngalangkang dina tungtung poé. Halimun turun nyaput béngrasna layung, mingkin kandel nyimbutan peuting. Méméh ngonci dilengoan deui, sugan aya kalangkang nyanding harepan. Suwung.

Cetrék, panto dikonci, asa-asa, hariwang inggis kabangblasan. ngajanteng sajongjonan, masang ceuli sugan aya léngkah nu kapireng, ukur sora peuting nu mingkin simpé.
Nyangsaya dina korsi patengahan imah, lalajo lampah batur dina layar kaca, ah… euweuh onjoyna ti poé ka poé, ukur kitu jeung kitu, matak nambah kahareneg.

Ngalenggut, tunduh teu kaampeuh. Panon peureum dipapag ku gumulungna cahaya cika-cika nu pating kariceup, mingkin lila mingkin atra, ngagebur ngamandian jalan sorangeun.

Nyah, panon beunta, kagareuwahkeun ku sora nu keketrok, gasik dibuka, bréh manéhna ngajanteng di buruan, bari mawa kembang nu geus layu. “Hapunten, Kang. Bongan kalékéd, panto tos ditutup kanggo salira. Koncina kacandak hiber ku cika-cika.” cekéng, malidkeun rasa nu juuh ku cimata.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s