Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Kalinglap #

Nurugtug mudun. Ojég patutur-tutur. Hadma angkaribung nyéngclé na ogjég. Leungeun katuhu ngajingjing kardus, nyoléndang tas bari nangkeup bésék. Nuturkeun ojég nu ditumpakan anak pamajikanna.

Béak pudunanan anjog ka jalan datar. Hadma bagja, kari sapéngkolan bakal tepi ka sarakan. Nu leuwih ti 10 taun ditinggalkeun ngumbara ka Sumatera.

Léok ojég méngkol. Suhunan kenténg rentul. Dicét beureum. Matak hélok.
Reg ojég eureun di buruan imah gedong. Hadma alak-ilik. Can wani ngadeukeutan. Bisi salah.

Tembong di tepas aya nu ngabaheuhay. Sidik bapana.
Hadma uluk salam. Bapana digabrug. Nyacapkeun kasono. Tuluy uplek ngawangkong. Silih tukeuran dongéng kahirupan.

“Bah, uing mah asa kalinglap. Lembur téh béda pisan jeung waktu ditinggalkeun. Ayeuna mah méh kabéh wawangunan jadi gedong.”
“Ieu téh buah tina pamilihan langsung, Jang. Kabéh pamingpin di lembur urang kudu dipilih langsung. Balukarna kudu ngagayar. Pagedé-gedé. Tukeur jeung soara rahayat.”
Hadma unggut-unggutan.
“Na mana atuh imah pamingpin lembur téh? Aya ku loba-loba teuing duitna.”
“Tadi gé kaliwatan meureun imah bilik hateup eurih tungtung lembur? Êta imah RT. Ari imah kuwu mah tah éta!” Bapana Hadma nuduhkeun imah nu nyanggéyéng peuntas jalan. Hateupna nyarékclékan.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s