Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # QURBAN #

Anteng di tepas imah, nyérangkeun barudak nu keur arulin maén galah jeung sonlah. Pikiran kumalayang ka poé isuk, poénan idul adha. Boa-boa, haté marojéngja. Enya boa-boa moal bisa ngalaksanakeun qurban, saperti taun-taun nu geus kalarung.

Lain teu diajangkeun, titangéh kénéh gé geus sasadiaan, tapi geuning kitu ari lalakon hirup, teu kuhanteu tatangga meunang musibah anu lain antepeun. Najan kitu keun baé da ikhlas, mana kitu gé lain rijkina meureun.

Reup peuting sora takbir raéng ti unggal masjid. Aweuhanana minuhan langit jagat, ngalanglaeung ngagungkeun Nu Maha Suci. Teu engeuh tianggalna, aya nu noel kana taktak bari ngaharéwos, “Tuturkeun kami!” Gasik dituturkeun. Di tepas Masjid ngadon ngajanteng mata simeuteun. Neuteup nu patingburinyay ti tebéh wétan. Gumulung cahaya gedé diiringkeun ku cahaya-cahaya laleutik nyampeurkeun. Reg hareupeun, laju ngudupruk. Horéng sapi halughug jangkung gedé. Dirérét ka gigireun, dipapag imut nu soméah, “keur hidep ngalaksanakeun qurban,” pokna, laju ngereles ninggalkeun seuseungitan.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s