Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # TEU LABAS #

“Nepangkeun, Tia.” manggut bari ngasongkeun leungeun, waktu diuk ngaréndéng dina korsi mobil nu nyemprung ka Cirebonkeun.
“Eulis,” walonna halon, neuteup anteb dibarung ku imut kareueut. Leungeun pataréma, karasa lemes ngageleser, dicepeng rada lila, méréan.

Ngobrol sajajalan, uplek. Ngalér, ngidul kalan-kalan ngulon jeung ngétan, teu béakeun bahan piomongeun. Teu karasa, lalampahan nu sakitu lilana ukur karasa ngan sajorélat. Anjog, Eulis turun di Sumedang, “dikantun, Kang…” pokna amitan, ninggalkeun imut. Rarasaan kumalayang, rumpa-rampa teu puguh cabak. Pikiran kabetot, kumejot hayang marengan.

Anteng nuturkeun Eulis ku paneuteup, tepi ka lesna leungit tina panenjo. Méméh ngiles, Eulis malik, gugupay, ngawurkeun rasa nu pinuh ku pangharepan. Bray, giwangkara nu tadi kalimpudan reueuk midangkeun deui cangrana, nyaangan haliwu dina pikir.

Awak ngadak-ngadak ngahampangan, ngapung katebak angin, bray jangjang mébér, biur ngajomantara, rarat-rérét, kasampak Eulis keur sidéngdang dina katumbiri, nénggorkeun kelét, jedak keuna kana mamaras, koléang, gubrag teu walakaya, sirah karasa buncunur, tidagor kana sirah batur.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s