Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Pledoi, Dakwaan Ngajaman #

Ajeg nangtung hareupeun sidang. Teuneung, ladang mangtaun dirungrum keueung. Wani bakat ku unggal wanci dituding teu uni.

Ngarenghap panjang. Nyieuhkeun kasieun. Ngogan wawanen. Tatag nyarita.
“Pa Hakim, kuring arek nepikeun pledoi. Bela diri tinu tuduhan nu teu ngabukti.”
“Sok geura tepikeun. Sugan bisa ngarobah putusan.” Hakim marentah.

Nu haladir dina sidang jempe. Paneuteup nenjo ka sakitan. Kabeh hayang nyaho, saha nu salah dina kasus ieu?
“Pa Hakim, harita kuring keur ngalamun. Ras ku nasib diri. Salaki salingkuh jeung anak pituin kuring.
Lain teu nyaho, tukangeun aya nu kiih. Ngan teu direret. Bongan pedang bet dilagar. Teu geuwat disarangkaan. Kalah ka diabar-abar.
Gajleng! Aya bangkong luncat. Kuring reuwas, mundur. Ana pel. Congo pedang antel. Ukur antel. Kuring rikat ngejat. Ngan teu wasa. Kaburu cangkeng dijeuwang. Kuring digadabah. Dipaksa pirusa.” Sakitan nyegruk ceurik. Cimata maseuhan pipi.

“Ooo…oooh!” Nu haladir nyoara. Ting kecewis. Saheng.
Hakim nakol-nakolkeun palu. Jep.
“Tapi cenah, emang kiih domba mundur? Teu ka haja.” Hakim nalek.
Sakitan ngajawab.
“Pa Hakim, maenya teu dihaja? Geuning nyekel pageuh cangkeng kuring. Panuhun ti kuring, datangkeun Bangkong keur saksi nu ngahampangkeun kana dakwaan. Balikeun deui kahormatan kuring. Ngarang teu ngajaman dituding.”

Hakim ngareret ka Si Emang. Neuteup. Si Emang ngeluk tungkul.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s