Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # LALAKON KAMARI #

Hurung ngempur, sorot soca ngagebur. Gugurilapan lir mata pedang nyiar mangsa, subat-sabet nganteur karep. Baham samutut siga nu ngagelom loli, ngawangun lambé anu nutut, ambekan ngahégak pegat-pegat, kadia ngalampah tanjakan nu netek. Calik hareupeun, dangah.
Sor cai, teu dirérét, pon kitu dahareun. Patingsolongkrong, leungeun sungsong ngajak sasalaman ukur ditampanan tamba. Nu arimut diapilainkeun.

Hiji-hiji gambar kuring jeung Eulis nu ngagantung dina témbok diperong, bangun nu ijid. Rét deui ka hareup, ngabalieur.
“Kang…!” gigireun Eulis ngaharéwos, réma-rémana nyepeng pageuh kana leungeun. Dirérét, teuteupna linduk iuh, nengtremkeun haté nu marudah. Song cai, diuyup, ngageleser maseuhan sanubari, nyébor rasa, seger.

Leungeun dituyun, brek hareupeun barudak, ngucapkeun ijab, masrahkeun si Cikal ka panutan haténa. Manéhna nyampeurkeun gek gigireun, nyaksian anak nu reumbay cimata. Teu lémék.

Rérés, manéhna ngajéngkat, gejlig ninggalkeun pasamoan tanpa amit, ninggalkeun kapeurih nu jadi anak, ninggalkeun kabayeungyang.
“Kang…!” Eulis imut, ngusap bendungan talaga nu ampir bedah, ku réma-rémana nu pinuh kahéman.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s