Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Cakcak Bodas #

“Nyi, sangu!” Hamid pesen sangu. Manéhna tungkul. Leungeun katuhuna ngalelepkeun dudukuy.
“Saréng naon, Kang?” Nyi mojang nanya. Leungeun kénca nanggeuy sapiring sangu. Nu katuhu tatan-tatan nyiuk deungeunna.
“Jeung éta wéh, Néng! Jeung haté beubeureuh lu lawas anggang.”
Nyi Mojang neuteup beungeut Hamid. Ngagero. Sorana dipengkek.
“Akaaang…! Geuning bisa tepi kadieu? Jeung saha? Iraha ti lembur?” Nyi Mojang norostos nanya. Sihoréng, Nyi Mojang téh Halimah. Beubeureuh Hamid nu gawé di kota.

“Panjang lalakonna mah, Nyi. Sadiakeun sangu heula wéh! Akang lapar.”
Réngsé dahar. Derekdek, Hamid nyaritakeun lalakonana. Bébéja geus gawé jadi tukang cukur. Milu jeung barayana. Teu kaliwat nyaritakeun sobatna. Dirga nu geus rumah tangga jeung Néng Soléha.

Jajaka nu maké topi beureum. Maling déngé. Ceulina rancung basa Hamid nyaritakeun Néng Soléha. Inget kana jangji manéhna nu sulaya.
“Nyi, saminggu deui akang pasti kadieu.” Éta jangji manéhna ka Néng Soléha. Méméh rerencepan kaluar ti kamar pangantén.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s