Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Indit Demit #

“Sisinarieun bujangan ulin kadieu. Sugan téh geus poho ka sobat.” Dirga nyéréngéh. Ngabagéakeun Hamid, sobat dalitna.
“Moal atuh, Dir. Dékah moal jiga ilaing. Abong kéna geus kawin. Tara pisan ulin ka lebak.” Hamid seuri.
“Néééng…! Jieunkeun kopi. Aya sobat akang yeuh.”
“Muhun, Kang.”
Teu sawatara lila. Néng Soléha datang mawa cikopi jeung lalawuhna.

Der, duaan uplek ngobrol. Sagala dicaritakeun. Saleuseurian.
Tembong serius sotéh basa wangkongan tepi kana urusan tadi isuk. Dirga ngadadarkeun pasualan nu disanghareupan pamajikanna. Wincik tepi ka sual obat kuat.
“Kuring hémeng, Mid. Na meunang timana obat kuat? Tepi ka sapisan Bah Antami alatan kahudang panyakit jantungna.”
Hamid ngajenghok. Inget kénéh, saminggu mémèh hajat Mang Rosim. Inyana dipinang saraya meuli obat. Obat nu ngabalukarkeun Bah Antami perlaya. Aya kahariwang dina haténa. Inggis diri kabérod.

Mulang ulin ti Dirga. Hamid mindeng huleng jentul. Gilig. Isukna rerencepan manéhna ninggalkeun lembur. Taya saurang gè nu dibéjaan, iwal indungna.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s