Diserat ku Neneng Yatikurniati

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Tobil! Tobil! #

Senén. Balik gawé, dibahanan oléh-oléh gula kawung, ku babaturan. Loba pisan. Dibagi dua, jeung keur dahuan. Gulana seungit, semu ngagenclang, tur beresih. Dipaké ngolek, matak ni’mat. Rebo. Torojol si Mincreung, alona Kang Kabayan, datang.
“Tante Iteung, nyungkeun deui gula kawung, saur Ema.” Koréléng ka dapur bari ‘na haté norowéco. Piraku geus béak. Sakitu loba. Najan héran, teu burung, dibéré, satengahna deui.
“Tante Iteung, nambut panci présto. Badé mrésto lauk belida, tadi si Aa mancing. Kénging lauk, ageung pisan. Lima kiloan. Badé didamel empé-empé.” Si Cineur, lanceukna si Mincreung nyusul. Song, panci diasongkeun.
“Asik euy. Kuahna sing kentel. Gulanna panan gula kawung alus. ” Kang Kabayan jigrah. Beurang, can aya nu nganteuran empé-empé. Soré, teu jebul. Sugan isukan. Nyamos deui. Seuri konéng.

Saptu. Keur kukumbah piring, jol, si Ucrit, lanceuk si Cineur jeung si Mincreung, datang.
“Tante Iteung, sur Ema, aya kénéh …?”
“Béak!” Kang Kabayan miheulaan ngajawab. Nyéréngéh sorangan.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s