Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Ngajodo jeung Randa Béngsrat #

Ti saprak harita. Dirga jadi mindeng nganjangan Néng Soléha. Dadaku mah ilu makarya jeung Mang Rosim. Mang Rosim bungah. Pagawéan kasundang-sundang. Raja kaya titinggal si jenat tambah ngaleuya.

Dirga jeung Néng Soléha beuki maskét. Geus teu deui maling rérét. Teu ragab némbongkeun geugeut.

“Jang Dirga, bapa mah kumaha Néng Soléha. Si Nyai randa, leuwih hak kana dirina manan bapa.” Mang Rosim masrahkeun, basa Dirga mileuleuheungkeun. Rada ngaregog waktu ngucapkeun kecap bapa. Ma’lum sapopoé ngaamangkeun.
“Kumaha, Nyi?”
Néng Soléha teu nyoara. Ukur atra unggeukna.
“Hampura, Kang. Nyai nampa Dirga. Bongan jangji akang sulaya.” Haténa galécok.

Lubar idah langsung nikah. Teu raraméan, cukup asal sah. Kulawarga suka bungah. Dirga némbongkeun kanyaah. Nu dirungrum tresna beuteungna beukah.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s