Diserat ku Neneng Yatikurniati

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Patéga-téga #

Lanceuk cikal rék dikawinkeun. Pakaulan, daék dikabaya. Sapopoé mah apanan jalingkak. Keur narungguan pangantén lalaki, aya nu datang, ibu-ibu umur limapuluhan jeung budak awéwé. Wa Uum ngabéjaan, cenah éta téh popotongan Bapa. Saha nu ngondang? Nyel haté ambek. Jadi mangkeluk ieu nu nyababkeun baheula Ema unggal wengi nangis kingkin. Nu ngarampas imut tur gumujengna nu rangu. Kuring jadi tempat ngalampiaskeun kakeuheul Ema. Sab manéhna, hirup kuring kacida garingna. Ngabatu.

Saacan Ema ningalieun, manéhna kudu disingkirkeun. Lumpat ka dapur. Gap, kana péso. Ngahuleng. Péso dibalangkeun. Ka hareup deui. Nyampeurkeun manéhna. Peletok, sirah budakna ditéké . Manéhna seuri konéng.
“Salim ka Tétéh.” Nitah budakna. Apaleun ka kuring. Teu diwaro. Digiring ka dapur.
“Cicing di dieu.” Ngeluk. Nitah Bi Encum sina méré dahar. Katingali dalaharna caman-cémén. Meureun pédah dipoconghok terus. Teu béak.
“Ulah wani-wani ka dieu deui, bisi dikieu.” Nirukeun jagal nu keur meuncit. Nitah Kang Opan nganteurkeun ka terminal.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s