Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Pondok Inabah #

Mangsana usum mudik. Mobil Jumad ngadius ka Ciamiskeun. Ngahaja cenah hayang teu macét, mobilna dibélokkeun ka béh kénca, ti jalan propinsi. Mapay-mapay jalan kampung. Sapanjang jalan, matak geunah tetempoan. Sawah ngemploh héjo lir amparan permadani. Jalanna leuwih leutik, ukur mahi dua mobileun. Teu jadi aral subaha, malahan leuwih éndah karasana.

Matapoé mimiti tilem ka belah kulon. Titingalian Jumad beuki mabur. Lampu hareup mobilna, dumadakan teu daékkeun hurung. “Kang, ulah diteraskeun! Bilih kumaha onam!” Euis, bébéné haténa méré saran. “Pameng geulis! Engké pami mendakan losmén, cuang lirén!” témbal Jumad. Panonna nénjo ka hareupeun jalan, nu poék mongkléng. Saban papaliwat jeung mobil nu béda arah, ampir-ampiran rék ditabrak. Matak ratug jajantung tutunggulan.

Ti kajauhan. Katingali aya plang nu disorot ku lampu néon. Haté Euis jigrah, “tuh Kang, aya Pondok!” pokna nunjuk kana plang. Mobil lalaun nyisi. Anjog ka hareupeun plang. Tulisanana atra kabaca. “Yéyyy, ieu mah sanés pondok kanggo urang!” Jumad mésem.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s