Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Ngokang, Siga Kobra Rék Mura #

“Mid…mid, hudang!” Indung Hamid ngagugubrag. Ngageuingkeun.
Hamid ngulisik. Lilir. Méh bareng jeung Dirga.
“Naon ari Ema? Poék kénéh ning.”
“Pa…pangantén maot!” Ema arapap-eureupeup.
“Saha, Bi? Néng Soléha?” Dirga ngajenghok. Beungeutna pias. Rét ka Hamid. Duanana silih pelong.
“Yéh, lain! Pangantén lalaki. Bah Antami.”
Koréjat harudang. Rurusuhan turun ti tepas. Muru ka imah nu boga hajat.

Anjog. Jalma geus ngagimbung. Ngariung. Tingkecewis. Kapireng ti kamar pangantén sora nu ceurik. Néng Soléha. Ngabangingik. Melas-melis sasambat ka Bah Antami, salakina.

“Kahadé, montong kajaréro! Rék diriksa heula ku kulisi.” Hansip Oya ngagebah nu ronghok na lawang panto.

Wanci haneut moyan. Kulisi daratang, dokter hiji. Tim identifikasi. Blas-blus ka kamar pangantén. Papariksa. Lila.
Tengah poé kakara réngsé. Pamingpina cacarita jeung Pa Kuwu. Duka nyaritakeun naon? Teu lila tuluy amitan. Marulang.

Layon Bah Antami dipulasara. Teu cécél bocél. Ukur beungeut jeung harigu geuneuk meueusan. Pakakasna wéh ngokang. Siga kobra rék mura.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s