Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Deudeuh Teuing #

Ti saprak silih wanoh jeung manéhna, haté ngarasa bungah. Teu atoh kumaha, bisa diangken ku hiji wanoja, nu geulis kawanti-wanti, lir widadari nu lumungsur ti kahyangan. Sapopoéna teu weléh inbokan. Ngobrol ngalér-ngidul, matak geugeut hayang deukeut. Emmm éndah! Dunya asa nu duaan. Jangji paheut seja namplokkeun kasono, poé Ahad isuk-isuk, di Pasar kagét komplék Pemda. Waktu nu dianti-anti ti kamari, didago-dago ti baheula, teu burung datang marengan.

Ngajajanteng di gédéngeun nu ngalapak daragang, tinggorowok nanawarkeun daganganana, teu jadi halangan pikeun ngejat ti éta tempat. Aya tilujam nungguan. Élékésékéng. Marojéngja. “Boa sulaya!” gerentes téh. Ditelepun teu aktif. diésémés nunggu. “Beu, rék ditungguan nepi ka iraha ogé!” cekéng bari najong botol plastik.

“Kunaon euy! Tujang-tajong kana dagangan déwék!” Saurang bapa molotot, “duh hapunten teu kahaja, Pa!” “Ti tadi diperhatikeun jiga keur nungguan jelema. Nungguan saha?” “Numawi abdi ngantosan Néng Mira…” can gé bérés ngajéntrékeun. “Sanés ngabujeng ka kakuburanana atuh!” pokna bari rambisak.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s