Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Papastén Peuting Pangantén #

Ba’da magrib. Tamu ondangan pagegelek. Nu boga hajat teu kendat nampa tatamu. Jaga parasmanan cuh-cih. Ladén cakah-cikih. Mupul piring kotor jeung nyician gelas.

“Dir teu nyeri kitu?” Hamid ngaharéwos. Bari nyigeung leungeun Dirga. Cai na gelas méh bahé.
“Nyeri naon?” Dirga seuri. Api-api.
“Tuh…!” Hamid ngamonyongkeun biwir. Nuduhkeun ka nu panganténan. Néng Soléha jeun Bah Antami. Badis incu jeung akina.
Dirga ngarérét. Matana silalatuan. Luk tungkul.
“Guam atuh, Dir. Manéh téh lalaki.” Hamid mapanas.
“Lain jodo, Mid. Pacikrak ngalawan merak, kuring jeung Si Nyai mah.”

Tatalu. Gamelan ngemprung. Nu lalajo noyég. Panasaran. Hayang nempo wayang golék dalang sohor. Pangantèn ngoléséd. Bus ka kamar. Nyungsi peuting munggaran. Papuket ngeundeurkeun ranjang.

Wanci janari. Dalang mungkas lalakon. Koréjat. Néng Soléha lilir. Papakéan ngaléléké.
“Kang, hudang! Janari.”
Nyah nu dihudangkeun beunta. Gesat-gesut maké baju jeung calana. Laju muru panto. Rekét. Rerencepan ka pipir. Les diteureuy peteng.
“Tuluuung…!” Néng Soléha ngajerit. Ceurik gagaukan.
Kamar pangantén pada ngadeugdeug. Kasampak Néng Soléha keur ngaguyah-guyah nu ngababatang. Bah Antami. Hampas jamu napel di bahamna.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s