Diserat ku Neneng Yatikurniati

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Romo #

“Ieu mah lain jangjawokan atanapi mantra, sab ieu Nami-nami Mantenna. Sing rajin ngadawamkeun. Utamana sanggeus solat.” Romo, ramana Mas Satrio, ngasongkeun keretas sacewir. Anjeunna ogé nyarios bari nataan, yén sadayana surah-surah ‘na Qur’an, gaduh kaistiméaan masing-masing. Ngarasa héran, naha nyariosna bet teu ka Mas Satrio.
“Sanajan hidep ngan ukur minantu, da keur Romo mah asa anak pituin. Béjaan waé Mamasmu ku hidep. Dzikir éta téh penting pisan, sab boga kasab nu deukeut-deukeu kana pibahayaeun.” Jiga ngadangu gerentes haté. Ngabéléhém. Kasauran Romo karasa pisan benerna. Utamana mun keur ngurus perkara tanah, lawan klién sok marawa paréman nu awakna beberehilan tur beungeutna barosongot.

“Asih, mana Mamasmu?” Romo ngalempréh, teu damang. Alim dirawat di rumah sakit.
“Nuju mapag dokter Ilyas.”
“Jigana, moal lila deui, Romo rék mulang téh.”
“Ulah nyarios kitu atuh, Romo.”
“Tuh!” Nununjuk jempol sampéanna, laju kana bitis.
“Romo!”
“Allahu akbar. Allahu akbar. Allah….” Soca nutup. Panangan sidakep. Pameunteuna imut. Ihlas.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s