Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Kapaksa Nikreuh #

Sabulan ngadagoan, teu matak jadi aral subaha. Pangéran Jayasalalawasna yakin, kersaning Hyang Maha Wisésa. Waktuna pasti datang, moal nyalahan. Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari. Wanci Lingsir ngulon. Nu ditungguan, horéng, norojol datang ka hareupeunana.

“Kaula Nun! Jisim abdi, seja ngadugikeun kaayaan nagara sabeulah. Danget ayeuna, kaayaanana meujeuhna harénghéng!” Cong manéhna nyembah. “Cikan, harénghéng kumaha?” némbalan semu nu bungah. “Numutkeun panalungtikan jisim abdi, tos aya tilu minggonna, rahayat di nagara sabeulah, seueur nu kokotéténgan milarian parab kuda, Gusti!” Manéhna ngahinghing ceurik. “Har naha bisa kitu? Apan nagara sabeulah téh, kaceluk ka awun-awun, kakoncara ka janapriya, nagara subur makmur gemah ripah lohjinawi! Tuluy kunaon anjeun bet méwék kitu?” Pangéran Jayasalalawasna, kérung. “Numawi Gusti, jisim abdi dugi ka ayeuna teu ngartos! Kunaon tiasa kitu? Kaula Nun, jisim abdi téh capé pisan, wangsul ti ditu kapaksa mapah. Kuda kagungan Gusti, kabujeng paéh mantén.”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s