Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # SALAH SANGKA #

Dina saminggu téh kabéh kabagéan pikét sapeuting séwang. Ti wit Kapala Kantor tepi ka Caraka, walatra euweuh nu kaliwat. Aya nu genep atawa tujuh urang dina sapeutingna.
Saperti biasa, dina malem Jumaah, nu ceuk batur mah maleman sunah cenah, Kuring kabagéan pikét, dibaturan ku sababaraha urang. Ti soré kénéh geus karumpul ngadon ngobrol ngalér ngidul, bari murak bekel bawa ti imah séwang-séwangan. Kulub hui, kulub kacang tanah, diwuwuh ku bandrék, bajigur jeung cikopi, puguh wé matak betah.
Peuting dieusi ku gogonjakan, maén catur atawa gapléh.
Wanci ngagayuh ka janari, beuteung geus kukurubukan deui, sedeng dahareun dina piring nu tadi ngahunyud geus ledis. Kurah-koréh, susar-sasar, karagap aya nu ngagerenjil dina korsi nu didiukan, lakadalah pikir téh, aya kacang tanah nu nyésa, gep dicokot, belewek disakalikeun, dirarasakeun, pait semu haseum. Beuteung ngusial, ohék-ohékan méakeun eusi.
Karérét gigireun kuring aya ucing keur ngaréngkol, milu héés.
Gusti…, singhoréng nu dihuapkeun téh….

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s