Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # NYÉRÉNKEUN #

Awahing ku geus teu kuat ningali kalakuan salakina anu begér waé, Nyi Asih gilig ménta dipulangkeun ka kolotna. Kang Émén lain teu surti kana karep pamajikana, tapi da puguh geus adat ka kurung ku iga ceuk kolot téa mah, angger wé noyod, sok sanajan teu kungsi rucah, komo deui tepi ka nyandung mah. Bararaid pokna téh.
“Kang, hapunten abdi. Énjing mah jajapkeun wé abdi téh ka pun biang kalih pun Bapa, abdi tos teu kiat nyarengan léngkah Akang,” pokna dina hiji peuting.
“Nya atuh, ari keukeuh mah karep Nyai siga kitu, sok wé geura bébérés, énjing ku Kang dijajap ka tuang rama,” jawab Kang Émén embung éléh.
Isukna tepi ka kolot Nyi Asih, pok Kang Émén nyarita, ngawani-wani manéh ka mitohana, “Bapa, hapunten abdi, tiwangkid ayeuna, abdi masrahkeun pun bojo ka Bapa kalih Ema, nyanggakeun sapuratina, mung wayahna abdi gé kedah diampihan, margi abdi rék ngaréncangan si Nyai di dieu”.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s