Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Paingan #

Tos aya sasasihna. Mang Jaja icalan bajigur, nganggo roda tilas icalan limun, di sisi lapang alun-alun. Anjeuna teu weléh nikreuh-ngeureuyeuh nanawiskeun icalanana, ka jalmi nu seja olahraga atanapi jalan-jalan. Mung duka kumaha? Saban nawiskeun daganganana, sadaya jalmi teu maliré. Malihan aya nu nyeuseulan sagala. Pami nyumpingan ka anu calik, di bangku taman. Waleranana téh kieu, “montong nanawarkeun waé Mang. Kuring ka dieu, hayang niis!” Nyumpingan ka nu bobogohan, “meni bosén ngadéngéna. Ka ditu ah, ngaganggu nu bobogohan waé!” Sumping ka anu maén baskét, sami teu dipaliré, ngadon anteng baé maraén baskét. Mang Jaja gaduh kayakinan. Kapayunna, icalanana tiasa pajeng, sapertos Tukang bajigur nu sanésna.

Pasosonten. Bajigurna masih teu aya nu mésér. Icalan ti énjing dugi ka sonten. Mang Jaja, teu acan ngalarisan. Teu lami aya nu sumping, saurang Aki-aki. Si Aki calik payuneun Mang Jaja, nu kaleresan nuju ngawirid. “Cikan, meuli limun téh!” Nguping kitu, Mang Jaja bati gumujeng. “Aki, abdi mah icalan bajigur!” Walonna. “Éta dina kaca, ngajeblag tulisan limun!”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s