Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Limpeuran #

Jam dalapan isuk. Anjog ka konter. Ngodok saku calana. Gebeg! Reuwas. Horéng, konci rollingdoor euweuh. Ngahuleng ngaraga meneng. Rarasaan, saméméh indit ti imah, geus disakuan. Kudak-kodok ‘na saku baju jeung calana, beuki kerung? Gura-giru muka Seleting kantong nu disoléndangkeun. Sup leungeun ka jero kantong. Kokodok bari ngopépang. Guligah haté. “Deuuuh aingah, naha ka mana? Piraku kudu balik deui ka imah!” Sabot uleng bari nginget-nginget. Gap kana hénpon nu tadi disada. Maksud téh rék nelepon pamajikan. Sugan konci aya di imah. Katingali ‘na layar, aya tilu panggilan tak terjawab. Sabot nungguan telepon diangkat ku pamajikan. Tukangeun, aya nu nepak punduk. “Abah, kunaon teu acan muka?” Buru-buru ngalieuk. Nyéh manéhna imut. “Numawi ti tadi milarian konci. Geuning ka dieu?” cekeng téh, neuteup geugeut. “Ti tadi diteleponan, mung teu diangkat! Milarian ieu sanés?” Pamajikan ngasongkeun konci.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s