Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Astaghfirulloh #

Balik ngantor, pasosoré. Mawa bekel hanca gawé sabegbregan. Kasampak si cikal keur anteng karokéan sorangan, ukur dirérét. Ucul-ucul, ka cai ngadon mandi. Rérés, koloyong ka tengah imah, kadahareun geus nyampak, dipapag imut Eulis nu kareueut pinuh ku peueut. Celengok dicium tarangna, nu téja mentrangan.
Ponyo rarasaan téh, teu pira ukur asin sepat, goréng jéngkol, jeung sambel goang, sanguna diakeul dina dulang, seungit tur pulen, sok sanajan lain béas cianjur.
Sabot diuk di patengahan, ngararasakeun beuteung nu kamerkaan bari lalajo TV, si bungsu norojol, ngagabrug, celengok nyium pipi, sono. Rét ka lanceukna nu keur gutak-gitek bari hahaleuangan. “Téh, Dede hoyong nyanyi,” pokna ogo. Si cikal embung mikeun, antukna hog-hag euweuh nu ngéléhan. Kojéngkang Eulis nyampeurkeun nu keur adu regeng bari ngomong rada tarik, “hoyong naon ari Dede?” Si bungsu némbal teu éléh tarik, “Hoyong hamil duluan!” pokna matak reuwas.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s