Diserat ku Neneng Yatikurniati

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Kanyenyerian #

Lalampahan Jakarta ka Yogyakarta, naék karéta. Di hareupeun aya panumpang lalaki jeung awéwé. Ningali geugeutna mah, pantesna pangantén anyar. Matak pikabitaeun. Statsion-statsion kalaliwatan, ogé statsion Bandung, jeung Cibatu. Di unggal statsion, loba nu tarurun, malahan waktu karéta ampir ka Statsion Gombong ogé, panumpangna geus coréngcang. Basa rék ngaliwatan statsion Lempuyangan, panumpang nu awéwéna cengkat.
“Mau ke mana, Dik?” Nu lalakina nanya.
“Pipis.” Ogo. Ngalanggéor. Kira-kira sapuluh menitan, manéhna datang bari rambisak. Nyulusup ka dadana nu lalaki. Inghak-inghakan. Umumna lalaki urang Jawa nu sok ngogo pamajikan, buuk nu awéwé diusapan, bari pok,
“ada apa, Dik? Ada yang ganggu?” Gideug. Inghakna tambah rosa. Jeungna deui saha nu ngaganggu, da panumpang tinggal sababaraha urang.
“Ngomong dong. Mas bingung nih.” Cengkat. Masih inghak-inghakan. Réma-réma lalakina nyusutan cipanonna, bangun nyaah pisan.
“Anu, Mas. Tadi aku nemu kaléng roti wafel.”
“Ya. Terus?”
“Tak buka. Isiné péyék iwak. Huhuhu.” Kanyenyerian.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s