Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # KATURUG KATUTUH #

Malem minggu téh asa sarimpé, taya nu bisa dipilampah. Rék ulin asa sareunggah. Rék apél teu wasa indit, alatan hujan nu ngecrek tibeurang kénéh. Bati haté nu kumejot. Gep kana rémot TV, dioper-oper, milihan pintonan anu matak ngubaran kaguligah, asa cawérang. Taya nu srek hiji gé. Lung, rémot kana anggel. Golédag, ngahérang, neuteup lalangit kamer. Anteng ningali cakcak anu keur silih udag, silih oconan jeung baturna. Asa nambah kaharinghang.
Leng, pipikiran manteng ka Eulis, wanoja nu salila ieu minuhan rasa. Wanoja nu ngeusi peuting ku impian, nu ngambah beurang ku implengan. Tada teuing gegetunna meureun. Nungguan kuring nu kapahung ku hujan. “Deudeuh Eulis…”
Jarum jam tuluy nyuruntul, siga nu lulumpatan. Hujan di luar masih kénéh ngecrek, teu gedé tapi matak mugagkeun kana lampah.
Rét kana HP nu ngagolér luhureun TV, gentak dicokot. Terrr, nelepon Eulis. Kapireng sora halimpu, “Maaf, pulsa anda tidak mencukupi untuk melakukan panggilan ini”.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s