Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # KAUBARAN #

Indit ti imah geus meunang dangdan, baju rapih, calana nyiripit, buuk leucir ku minyak, minyak seungit melengseng, ambeuna angin-anginan, maklum rék apél ka manéhna, nu salila ieu momontél dina ingetan.
Gejlig ngaluarkeun motor. Distarter teu daék hurung, digujrag-gujrag diselah, keukeuh mesin motor ngadon ngabetem. Dioprék busina, alus kénéh. Ditingali akina masih bedas, “hareuh.. naonna atuh cenah.” Bingung pakepuk dina pikiran. Dibuka téng béngsin, ditoong, “jadol téh, paingan atuh da geuning ngoléntrang.”
Motor didorong ka POM, ngahunyud kunu ngantri. Ngawayahnakeun nungguan bagéan, sok sanajan pangtukangna. Hiji-hiji motor maju, antrian beuki mondokan. Teu burung tepi ogé. “Alhamdulillah,” cekéng. Téngki dibuka, pagawé POM kabeneran awéwé geulis, manggut bari imut “Hapunten A, béngsinna tos séép.” pokna sopan. Harendeg.
“Mawar.” cenah, basa ditanya ngaran ku kuring, ngobrol ngalér ngidul, poho kanu keur nungguan.
Ter Hp disada, SMS ti Eulis, “Kang, nuju di mana?” HP gancang dipareuman, bari manggut ka Mawar “réréncangan,” cekéng.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s