Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # SAYUNI #

Ningali kelét, nu di ténggorkeun ku Lis, matak geugeumeueun, rampang-reumpeung teu puguh cabak, haté seseblakan, tingsariak paranas tiris, sur-ser nyengkatkeun sabulu-bulu.
Bulu panon nu carurintik, ngait kana sanubari, teu bisa lésot najan diképés-képés. Bangun nu ruruhitan, karasana cing jaredud, mingkin dikepeskeun mingkin karasa ngaitna. “Ah… Lis…” ukur ngarahuh miceun bangbaluh.
Imut kareueut nu pinuh ku peueut, matak geugeut, matak maneuh nanceb pageuh, jadi pamépés hate, nyinglarkeun lalangsé nu ngabakutet. Imut nu ukur sakolébat, ngadudut jajantung, ngerepkeun hégak, nu nyelek, nyangked na tikoro.
“Kang…, jajap Lis nya ka rorompok.” Pangajak soméah. Sorana nu halimpu, halon metot rasa, kumejot, maksa suku ngaléngkah nuturkeun. Leungeuna nu ngagondéwa, réma-rémana nu laléncop, montél kana leungeun nu ngeleper lilinieun. Késang ngagarajag, ngaguyur awak. Cipruk.
Lis ngaléndé kana peupeuteuyan, damisna lemes semu wéra. Kalan-kalan cengkat, nyecebkeun paneuteupna nu liuh linduh, meureudeuy. Uruy. Hégak beuki kerep, kekerot hayang geura kop, inggis kapiheulaan ku nu keur ngarintip. Ngadodoho.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s