Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Na Ari Sia! #

Bus. Gék diuk. Antri. Batur heula. Hiji keur digawéan. Dua urang ngajejentul.

Lila. Sahulu lima wélas menit. Méh sajam nungguan. Kakara kagiliran.

“Sok mangga, Pa.” ceuk manéhna. Jempol nuduhkeun kana korsi. Giak kuring pindah.
“Kumahakeun, Pa?”
“Pondokeun wéh, Jang!” témbal kuring.

Teu talangké. Srot…srot, cai na sprayer disemprotkeun. Karasa tiis lebah embun-embunan.
Sedot…sedooot, disisiran. Drttt…drttt, gunting listrik neukteuk buuk. Krés…krés, dizig-zag dirarapih. Sret…sret, dikérok cambangn. 10 ménit bérés.

Song 10 réwu. Dipulangan 5 réwu.
“Ning dipulangan, Jang? 10 réwu lin?”
“Nya sakitu téa biasana, Pa. Bapa mah luar biasa.” Manéhna nyéréngéh.
Kuring ngusap sirah. Buuk ukur sisina.
“Na ari sia. Abong kéna…” Teu kebat.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s