Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # NU GÉHGÉRAN #

Wanci haneut moyan. Anteng moyan hareupeun gang. Dumadakan. Barayana, lumpat sakalumpat-lampét, ngaliwat hareupeun cukang irungna. Manéhna napsu kagila-gila. Ngudag nu lumpat. Silih udag, nepi ka jauh ninggalkeun gangna. Laku lampahna, sarwa teu daék ngéléhan. nu ningali ting séréngéh malahan loba nu gideug. Saeunggeus ngarasa capé, lulumpatan bari teu puguh naon nu jadi cukang-lantaranana. Duanana anjog di hiji taman.

“Ka dieu kéhéd! Montong lumpat deui siaaah! Aingna capé!” ceuk manéhna bari hah héh hoh. “Wajar ajiiig! Aing lumpat, apan aya nu ngudag!” Barayana némbalan. “Saha nu ngudag téh? manéhna malik nanya. “Teu sadar kitu! Kunaon sia bét ngungudag aing?” pokna ngabéla diri. “Sidikan aingah ngudag sotéh, naha silaing bet lumpat?” Manéhna sarua ngabela diri. “Uingah lumpat tipaparétot, apan sia ngungudag!” témbal barayana embung éléh. “Naha jeung kudu lumpat? Silaing boga salah?” Manéhna peupeuleukeuk. “Éta sia, naha bét ngungudag aing?” barayana merekedeweng. “Aingah géhgéran kéhéd! Mun aya nu lumpat, sok hayang ngudag!”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s