Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # CICIRÉN #

Kang Kabayan jeung Nyi Iteung ngadon nyaba ka nagri tatangga. Éstu malangmang-mulungmung, euweuh nu wawuh. Rék nanya, nanya ka saha? da puguh pan basana gé teu ngarti.
Léos ka réstoran, ngagugu kahayang beuteung nu kukurubukan, lunga-lengo néang kadaharan kalandepna, karédok leunca jeung asin peda buleud. Teu manggih. Léos deui néang warung sangu, suwung. Teu siga di lemburna, kari daék tinggal am.
Ngahunted, bingung pilakueun. Ngajémprak dina trotoar, sisi jalan patali marga. Kurah-koreh kana kanéron, manggih sésa timbel, bekel, pamahanan Ambu ti lembur, dihanca ku duaan, paké pangganjel.
Rérés muka timbel sabrakeun, asa aya nu ngagenduk handapeun beuteung, Kang Kabayan rurat-rérét, manggih WC umum. Teu kalékéd asup ngadon miceun kaseueul. Kaluar ti WC, Kang Kabayan katémbong bungah, bari sura-seuri. “Alhamdulillah, Nyi. Geuning aya dulur urang di dieu téh.” pokna.
“Mana…, Kang?” Nyi Iteung panasaran.
“Can panggih jeung jalmana mah, ngan di WC kaangseu bau jéngkol.” pokna pinuh kasuka.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s