Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # BÉDA RASA #

Balik sakola, késang luut-léét, ngagarajag saawak-awak, da puguh leumpang nu lumayan jauhna. Ka lembur kuring can kasaba tutumpakan, sanajan jalan mah geus sadia.
Ucul-ucul papakéan, ganti saragem ku baju sapopoé paragi ulin jeung ngandir cai keur minuhan sawah jeung balong. Los kacai, abdas. Cong solat lohor, sok sanajan katompérnakeun tara kungsi kaliwat.
“Ma…!” cekéng ngagentraan indung, teu biasana. Taya jawaban. Nuju ngaos meureun di mushola, pamikir téh. Biasana wayah kieu Ema sok ngaderes Qur’an di kamar tukang nu dijieun mushola. Ditéang suwung. Koréléng ka kamar, di kamar ge teu nyampak.
Gék di tepas tukang, ngadaweung nyanghareupan balong. Nyaksian lauk nu keur ocon jeung pada baturna, silih udag, silih léndéan. Karasa beuteung ngerebek, ménta eusi. Jung, koréléng ka dapur, rurat-rérét. Alhamdulillah aya kabeuki, sayur kacang. kedewek ngeduk sangu, cur dikuah ku angeun kalandep. Leng, bingung na pipikiran, karasa amis jeung seungit jahé. Diilikan, “Gusti…, horéng sangu dikuah ku bubur kacang.”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s