Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Saruana #

Pasosoré. Duloh. Anteng ngadéngékeun hiji lagu heubeul ‘na hénpon. Ngahaja diloudspeakerkeun. Sorana ngawirahma, mawa kapanasaran haténa. Dumadakan, alona nyampeurkeun ka jero kamer.

“Mang, éta lagu saha? Kotka ngeunaheun!”
“Lah moal dibéja-béja, bisi ménta!”
“Euleuh-euleuh meuni kitu. Uingah hayang apal nu nyanyina?”
“Déngékeun heula nepi ka bérés. Mengké dibéjaan!”
“Hayang ayeuna!”
“Ceuk aing, mengké-mengké, kéhéd!”
“Yéééy! Kunaon jadi ambek-ambekan?”
“Silaingah sok teu nurut! Heug turut, mun kolot ngomong téh!”
“Lain kitu, pira ogé hayang apal nu nyanyina?”
“Heueuh mengké, ajiiig!”
“Hayang ayeunaaa…! Engké mah, moal didéngékeun deui!” Alona keukeuh-peuteukeuh.
“Nya’an silaingah merekedeweng! Meunggeus indit siaaah! Montong ngaganggu aing!”
“Alaaah sarua, Mamang gé mulmul ngéléhan! Kangaranan nu kolot, sabisa-bisa kudu ngéléhan, euy!”
“Nya silaingah, ngadon mapatahan ngojay ka meri!”
“Aaah kumaha Mamang wéh! Pira gé hayang apal nu nyanyina, naon salahna ngabéjaan!”
“Heu’euh kéhéd! Sidikan teu apal, aing gé. Saha nu nyanyina?”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s