Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # MUSIUM #

Di jero kamer haté. Ngajajar rapih, dina lomari kaca, ditutupan ku kaén bodas, bisi kaeunteupan kebul. Kalan-kalan diteuteup, ukur sumoréang nyawang alam katukang. Mangsa rasa luas ngalalana, nyungsi kaasih, néang kanyaah, nu bihari kungsi jadi pasini, ayeuna laas kapanasan, dipentrang ngentabna rasa timuru.
Aya rasa ti saban raga, nu haat marengan lalayaran, dina upluk-aplakna sagara kahirupan. Paburantak digasak kagangasan lambak angkara, nu motah, patingjelegur, silih udag heula pandeuri. Ngerid sakabéh kaasih, nyésakeun gulidagna cipanon kanalangsa.
Panto kamer ditutup lalaunan, ngarekét, sorana nyeuit nyisit ati, nu mingkin gudawang. Getih ulaweran, ngajangjlangan sapanjang lengkah, ti mangsa ka mangsa. Méméh rékép, panon neuteup rasa-rasa nu naroong tina lomari kaca, rasa-rasa nu mapaésan lalakon hirup, patinggarupay.
Kapireng hawar-hawar, gelik suling dipirig jentréng kacapi, marengan juuhna cimata, malidkeun parahu layar kana muhara katunggara.
Cetrék, panto kamer dikonci, teu miroséa rasa. Suku diléngkahkeun, mapay-mapay jalan tarahal, nu kalimpudan simpé.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s