Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Ngabohong #

Balik ti sakola. Celengceng Arman indit, ngagedig ka luar imah. Karék ogé, nutupkeun panto pager imahna. “Éta budak, badé ka mana deui nya?” ceuk indungna, nu anyar balik ti warung. Ceu Mita bati gideug, ningali polah nu jadi anakna. “Nyungkeun artos, Maaah! Adé tos jangjian, di bumina Mang Péndi” Arman seuri. “Gentos heula acukna, teras emam!” Indungna nitah. “Pameng kotor aaah, Adé wareg kénéh! Mana atuh artosna?” Arman namprakkeun leungeunna. “Kanggo naon deui nyungkeun artos? Sanés tadi énjing, dipasihan ku Bapa?” Ceu Mita kerung. “Nu tadi mah séép. Dipésérkeun pulsa!” témbalna. “Nyungkeun kanggo naon?” Indungna nanya, beuki teu ngarti. “Adé badé ngerjakeun tugas sareng réréncangan!” “Leres teu bohong?” “Henteu, piraku Adé ngabohong!” Ngadéngé kitu, Ceu Mita ngodok saku calanana. Song méré duit salambar, sapuluh rébu. “Uihna teu kénging burit!” “Siaaap Mah!” Kencling Arman indit, ninggalkeun indungna.

Anjog ka hareupeun warnét. Haté Arman bungah. Sakeudeung deui rék panggih jeung babaturanana, di imahna Mang Pésbuk.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s