Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Munggaran Nyupiran Angkot #

Meujeuhna panas mentrang-mentring. Laat-léét késang teu dirasa. Jongjon nyupiran angkot. Kaca jandela mobil ngahaja dibuka kabéh. Kabeneran anu tumpak angkot, karék meunang saurang. Manéhna diuk gédéngeun kuring. Katempo tina setélanana mah, jiga nu rék indit kuliah. Teu loba catur, anteng jeung dunyana séwang-séwangan. Angkot ngadius ka dayeuhkeun. Kaayaan jalan nu rada lénglang, mantak nyawang mangsa ka tukang.

“Mang, ntos lami nyupiran angkot?” pokna ngahudangkeun sawangan. “Éééh… naon téa Néng?” cékéng téh reuwas. “Deuuh Si Emang ngalamun waé tuda!” ceuk Si Wanoja. “Punten pisan, teu kadangu!” Kuring seuri konéng. “Ntos lami nyupiran angkotna?” Manéhna nanyakeun deui. “Nembé oge, dinten ayeuna Néng!” témbal kuring, jujur. “Pantesan atuh!” Nyéh manéhna imut. “Naha kumaha kitu?” Kuring panasaran. “Ku abdi dibandungan. Geuning, seueur penumpang nu dilangkung!”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s