Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Nu Gélo #

Pabeubeurang. Mang Juha, Tukang céndol. Mangkal di hareupeun terminal. Brek cingogo hareupeun roda kameumeutna. Sabot ngumbah gelas urut nu meuli. Torojol aya saurang lalaki parlénté, nyampeurkeun. Ningali sukuna, Mang Juha bati kerung. Celegedeg nangtung.

“Mang damang?” pokna ngasongkeun leungeun, ngajak sasalaman. Mang Juha bati ngahuleng. “Kunaon Mang, bet cicing waé?” Nyel, manéhna ambek. “Ké…ké… ké… dupi sia, saha téa?” témbal Mang Juha, mugen embung sasalaman. “Nyiiir… éta basa kotka hadé kitu! Piraku Mamang, teu wanoh ka sim uing?” Si lalaki parlénté nyabar-nyabar haté. “Nyéta teuing! témbal Mang Juha singket. “Nepangkeun atuh. sim uing téh, Ajudan Bupati!” Ceuleukeuteuk manéhna seuri. “Deuuuh siah, montong ngaku-ngaku. Aing teu sudi wanohna ogé, teu rimbag deuleu!” ceuk Mang Juha mimiti ambek. “Mamang, teu kénging galak!” Cakakak manéhna nyeungseurikeun. “Dupi sia, rék nanahaon ngadatangan aing!” Mang Juha napsu. “Uingah datang sotéh, rék nginjeum sendal!” Si lalaki parlénté, ngagakgak seuri. “Euweuh, aing maké sapatu!”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s