Diserat ku Abah Anom

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Salingkuh Anggota Déwan #

Wanci haneut moyan. Rék lunta ti imah bet mandeg mayong. Gék diuk, ‘na korsi di tepas hareup. “Deuh, jadikeun ulah nya?” Humandeuar. Bréh, ébréh kajadian peuting tadi. Manéhna diuk ‘na mobil gédéngeun kuring. “Upami Akang leres mikacinta. Énjing tabuh sapuluh. Diantosan di kamer hotél nomer genep, payuneun kantor abdi!” pokna bari nyéh imut. Imutna, melengkung niruk nembus jajantung. “Mangga geulis! Mung teu kedah geruh ka sasaha, Kantenan ka carogé mah, dipahing!” cekéng téh, ngaheureuyan. “Iiih nya muhun! Énjing ku abdi ditelepon heula, janten atanapi henteuna!” ngawalon halon, numbu imut semu ngirut.

“Iiih, Si Papah kunaon gumujeng nyalira!” Budak bungsu nu rék indit kuliah, ngagareuwahkeun. “Papah, teu kunaon-naon!” Ngabohong. “Néng mios nya, Pah!” Budak ngesun tangan. “Ati-ati! Teu kénging baong!” Sabot ningali nu rék indit. Kirining sora hénpon disada. Dikodok ‘na saku calana.

“Hallow! kumaha janten, geulis?” Haté bungah.
“Kang, hapunten pisan! Dinten ieu, abdi kabujeng kacerek manten!”
“Naha aya masalah naon?”
“Upami Akang cinta, ayeuna, diantos di gedong KaPéKa!”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s