Diserat ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Véteran #

“Cik, sakalian pangmacakeun éta surat téh, Jang Kuwu!” Pokna. Ki Ahum neuteup Pa Kuwu nu keur ngeukeuweuk surat. Gurat panasaran témbong dina sorot matana.
Gorolang, Pa Kuwu macakeun surat. Tutas dibaca, surat diabuskeun deui kana amplop soklat.

“Tah kitu eusi surat téh, Bah. Abah kaveto nampa gajih véteran. Lantaran aran Abah aya dina arsip LVRI. Ieu surat lain sagawayah, langsung pupuhu nagri anu nanda tanganna ogé.”

Bah Ahum ngahuleng. Lila. Nyoot, nyeuseu padudan. Serebung, haseup bako molé mulek. Laju ilang kabawa angin.
“Yeuh, Jang Kuwu. Lain Abah nampik rejeki. Lain teu butuh ku duit. Dibéré jagjag waringkas ku nu Kawasa ogé, Abah mah pohara bagjana. Abah bisa kurah-koréh néangan pangupa jiwa. Béjakeun ka pupuhu nagri. Haat jeung sih piwelasna katarimakeun. Ngan éta gajih ku Abah moal ditampa.” Bah Ahum ngabéjér béaskeun.

Pa Kuwu unggut-unggutan.
“Hiji paménta Abah. Pangbéjakeun! Abah hayang ngalaman, nagri urang satata jeung nagri deungeun. Ngarah écés disebut mardikana. Heuyeuk sing towéksa. Bisi gajihna kurang, paké tah gajih bagian Abah.” Ki Ahum ngetrukeun padudan. Calacahna ngebrul.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s