Diserat ku Mukhtar Adam

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Nyaah ka kembang buruan #

Geus tilu bulan. Kang Emon sedih. Baluweng. ka édanan ku Garwana nu geus jangkep poé natus. Gering ngalanglayung. Asa teu puguh hirup. Naon nu kudu dipilampah. Kadeudeuh, kanyaah nu geus ditamplokeun. Kedah mulang ka nu Kagunganana. Di imah hirup sorangan. Anakna nu karék ngembang buruan, Dibawa ku mitohana. Alesanana téh “Da si Dédé mah apét ka Nyi Nénah” Adina si jenat. Malahan mah mun ngageroan téh sok nyebut “Mamah” Ningali rupa sabeungeut.

Bérés tahlilan. Kang Emon sasadu ka mitohana. Yén budakna rék dibawa. Budak atoh pisan. Tapi rada merod. Bari ngageroan “Mamah Nènah” Di jero kamar. Nyi Nénah ramisak. Ngadéngé budak nyebut-nyebut manéhna. Rasa ka nyaah nu teu bisa dipendet. Terus nyampeurkeun kanu riungan. Bari ramisak, manéhna ngomong. “Abah, Ambu, Nyuhinkeun widi Nénah tikahkeun sareng Kang Emon”

Iklan