Diserat ku Sri Paudwal

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # DI SANTO YUSUF #

Sora Takbir nu ngaguruh meulah jabaning langit. Nganteurkeun raga nu geus teu walakaya. Hirup antara dua pilihan. Narima putusan atawa keukeuh ngalakonan rasa nyeri nu unggal menit ngadodoho.
Mata geus teu kuat dibeuntakeun. Pikiran manteng nuturkeun sora Takbir. Biwir embut teu weléh istighfar. “Gusti…! Paparin abdi kakiatan.” Les. Teu inget di bumi alam.
“Ning! Gugah geulis.” Hawar-hawar aya sora nu semu dareuda ngagentraan ngaran kuring. Reyem-reyem. Najan samar paningali. Aya nu keur seuri leutik neuteup anteub. Na juru matana aya nu ngagenclang hérang lir mutiara jambrud. Ngaborélak kasorot cahaya lampu.
“Gugah! Geulis.” ramo-ramona ngusap deudeuh. Nyangkéh kuring sina nyangsaya na pangkuanna.
“Geulis. Pirang waktu nu lumaku ngajarumat kembang-kembang kahayang. Sing kuat!” halon anjeun bari nyeuceuh kuring ku pangdunga. Tiis. Nyeceb kana embun-embunan.
Reup. Peureum. Sora anjeun teu kapireng deui.

Iklan