Diserat ku Neneng Yatikurniati

Dipidangkeun dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Apanan Énjing #

Teu mudik. Babagi tugas jeung Kang Raharjo. Kabagéan ngepél jeung beberesih. Bérés. Pésbukan.
“Jeng, jigana kupat sakedap deui, asak. Mas badé nyandak kué téa di Mbak Ijah.” Unggeuk bari panon tetep kana monitor. Alo Mas Raharjo datang, mawa opor hayam. Ngobrol.
“Bau tutung,” cenah. Berebet lumpat ka dapur, mareuman kompor. Haté deg-degan, sieun diambek. Mas Raharjo datang. Ingas-ingus. Jamedud. Najan teu kedal, pasti keuheuleun.
“Don’t manyun more and more, please! Apanan badé boboran. In sha Alloh, énjing abdi badé nyungkeun dihapunten.” Ngélég.
“Nyungkeun dihampura waé, ngantosan énjing.” Mas Raharjo nyenghél. Teu tuluy manyun.

Iklan