Skip to content
Status

Diserat ku Maya Delistianii

Dipidangkeun dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin
# Kénca atawa katuhu? (Paimin Paijo Part 2) #

Deuh, teu karasa gening geus lebaran.. Batur paheuleut-heuleut daratang
ka lapang rék sarolat ‘Ied. Tuhh, barudak leutik papakéanna paalus-alus,
ibu-ibu paginding-ginding, wanoja diharijab, bapa-bapa pakebek-kebek
haseup, ahh kalah asa jiga melong pagelaran busana ieu téh!

Éh kétang keun wé, sataun sakali! Kuring gé maké baju koko anyar, nécis.
Sapatu hérang, calana panjang, ahh kaséplah! Enya sugan wé bisa ngahiji
jeung masarakat lian saanggeus mararencar gara-gara pemilu mangkukna.

Pas asup ka lapang, jol Kang Paimin jeung Kang Paijo nyarampeurkeun..
“Mad, manéh basa pemilu milih saha? Tim A? Tim B?” Tanya Kang Paijo.
“Ish, atuh rahasiah éta mah kang! Pan prinsipna gé Lajuberdil!”
“Lain kitu, Mad.. Ngabéjaan wé kami mah, mun milih tim A solatna di sof
kénca jeung Paijo. Amun milih tim B, solatna jeung kami di sof katuhu!”

Status

Diserat ku Neni Yuhaenah

Dipidangkeun dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # IKHLAS #

Kabeneran boga rijki. Teu dililakeun, indit ka toko baju. Inget, Si Bungsu can dipangmeulikeun baju koko paranti ngaji. Eta gé teu ménta, ngan asa teu téga. Budak sakitu getolna, mamaké baju lalayu sekar. Ceg kana baju koko bodas, dialak-ilik. Ukuran jeung modél pantes pisan keur Si Bungsu, nu pangawakanana jangkung, bodas. Kasép, ceuk indungna mah. Alak-ilik deui, katémbong kaméja kotak-kotak karesepna. Dicokot. “Kari keur si cikal.” Panon rurat-rérét kana jajaran calana panjang nu loba sakuna. Aya warna pulas haseup. Dipisahkeun.
Noong eusi lokét, diitung kasar. “Aya kénéh sesana keur bapa budak.” Milihan kaos salur samléhan, meunang nu dipikahayang. Léos ka kasir. Nyaan wé, duit nyésa ukur keur ongkos balik.
Liwat magrib, hapé ngirining.
“Téh, kamana waé….mani teu ka pasar.”
“Puguh teu ngarareunah, aya wé di imah.”
“Titah budak kadieu, nya. Ieu aya gamis hideung jeung daster. Pantes geura di Tétéh mah!”

Status

Ditulis Oleh Sang Bayu

Lewat
Puisi

puisi

Facebook photo

Maafkan aku orang yang tak pandai merangkai kata,,,cinta
Namun ijinkan aku mengukapkan tetang rasa,,,cinta
Walaupun aku bukan seorang pen,,,cinta
Akupun bukan pengobral,,,cinta
Cinta,,,bagiku semua yang kujalani dalam hidup ini,,,
Cinta,,,mampu membawaku mengenal keindahan,,,
Cinta,,,mampu mengenal akan penghianatan dalam Ketulusan,,,
Cinta,,,membawa kita dalam suka,duka,bahagia ataupun terluka,,,
Janganlah pernah mengagungkan,,,cinta
Janganlah pernah menistaan,,,cinta
Cukup bagiku untuk,,,mencintaimu
Cukup bagimu untuk,,,mencintaiku
Begitulah cinta bagiku,,,

Status

Diserat ku Nasrul Jatnika

Dipidangkeun dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Kantong Kérésék Jeung Bébéné Langit #

Manéhna. Disuguhan opor hayam, kupat jeung hiliwirna angin takbiran. Hinyayna, meredih hiji dongéng générasi nu ngahiang. Bruh-bréh. Élmu téhnologi badis cai dina daun taleus. Barudak sakola garelut. Ditalimbeng gundam. Harayang jadi ‘Kura-kura Ninja’. Sasarjanaan dibeulit angen-angen sinétron. Kokolot leungiteun mahkuta. Ditukeuran jeung duit récéh. Pajabat ngarahwana. Nyulikkan pamajikan batur. Leumpeuh yuni, hanaang kakawasaan. Atawa mabok dina korsi gilang kancana.

“Na kamarana..? Jaradi Ashabul Kahfi kabéh kitu? Moal kaumuran kudu jadi patunggon 309 taun deui. Sugan aya nu bisa méré alamat, nu laleungit. Lalaki bébéné langit. Lain lalaki kantong kérésék.” Am ngahuap. Teuteupna tonggoy. Matana ngilu hinyay.

Kamarana? Nu mitresna Maha Cinta? Nu dipicinta Maha Cinta? Saruwung parindah ka plaza-plaza, diskoték jeung bar. Jaradi zombi nu arulin dina pakarangan heurin uteuk péot. Naon atuh, nu leungit ‘na carita urang? Takbiran can lekasan. Létah-létah jaradi tungtung jarum. Ngécosan gudawang. Miripis haténa teu dipaliré. Opor hayam, kupat jeung takbiran, kalah ngahaseupkeun awakna.

Status

Ditulis Oleh Mang Layang

Lewat
Puisi

puisi

Facebook photo

sombong tak pantas buatmu
Kamu tidak hanya lebih dari bulir debu

Status

Diserat ku Ai Wawang Halimah

Dipidangkeun dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Kukupu jeung Ramat Lancah #

“Akang….”
Kupingkeun, sanés ukur haréwos. Nanging jumerit maratan langit. Sasambat ka salira. Nu majar salawasna gumulung dina ketug jajantung. Nu pajar sumaré dina léngkob haté. Mana, geuning taya waleran?

“Ngincahan lain teu doa, sing asak-asak nya nempo!”
Panas haté, Akang. Panasna ngahuru kalbu. Ngarérab buuk ‘na embun-embunan. Hangit. Naha lepat, mitineung salira. Kapan cinta henteu ningal rupa? Pami kabagjaan ukur milik nu aréndah, ka saha nitipkeun nyaah pikeun jalmi sapertos sarah?
Nya abdi sarah nu palid dina ulekan leuwi kahirupan.

“Mending nalipak nyalira, Nung!”
Leres. Ulah katalikung gandrung.
Sateuacan undur, seja naros ‘nu panungtung.
“Jodo, pati, bagja lan cilaka, tos ditangtoskeun ti ajali? Naha asa lami-lami teuing nganti bagja? Naha jodo anu lepat?”
Jempling.

Rénghapan karaos nyesek.
Bruh-bréh narémbongan. Dina lalangit kamar kukupu tingkalayang. Beureum, hideung matak nineung. Konéng, kayas matak waas. Kumeleter rasa, basa eunteup ‘na ramat lancah.
“Tos teu kiateun!”
Hawar-hawar, saméméh awak harampang. Seja tumaros ka anjeunNa.

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: